photo lineviral_1.png

Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Abjad M

Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf M Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf M

Kumpulan Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf M
Maliding sanak.
Hartina : Henteu adil, pilih kasih.

Malingping pakél ku munding = Ngajul bulan ku asiwung.
Hartina : Ngajalankeun (Mikarep) hiji masalah anu taya pihasileunana.

Manan léwéh mending waléh.
Hartina : Leuwih hadé wakca balaka, batan di ahir meunang kasusahan.

Mangpéngkeun kuya ka leuwi.
Hartina : Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka daerah bali geusan ngajadina.

Manuk hiber ku jangjangna.
Hartina : Jalma hirup ku akalna. Ku karena boga akal, dapat nyiar kipayah.

Mapay ka puhu leungeun.
Hartina : Mamawa ka bodoh atawa ka guru. turtaning bodoh atawa guru mah teu nyaho naon-naon jeung euweuh patalina saeutik-eutik acan.

Marebutkeun paisan kosong.
Hartina : Marebutkeun hiji masalah anu teu aya hasilna atawa mangpaatna.

Matih tuman batan tumbal.
Hartina : Leuwih gedé hasilna tina latihan ti batan tina tumbal atawa jampé.

Maung ompong, karéta kosong, bedil kosong.
Hartina : Matak pikasérabeun, pikasieuneun, atawa pireuwaseun.

Maut nyéré ka congona.
Hartina : Keur ngora senang, tapi ari kakolotnakeun susah.

Medal sila.
Hartina : Ninggalkeun pasamoan tacan waktuna, karena ambek nyedek atawa meunang wiwirang anu gedé.

Méméh emal, emél heula.
Hartina : Memeh urang mahugi naon-naon ka pipamajikaneun, kudu neundeun omong heula; kudu menta jeung ditarima panglamarna heula.

Méré langgir kalieun.
Hartina : Méré naon-naon anu dapat jadi aya pisusaheunana atawa pibalaieunana.

Meubeut meulit.
Hartina : Mamawa.

Meuli teri meunang japuh = Nyair hurang meunang kancra.
Hartina : Kalawan teu disangka-sangka meunang milik, darajat atawa kauntungan anu leuwih gedé.

Meungpeun carang ku ayakan.
Hartina :. Nyaho yen batur téh salah atawa migawé anu dihentikan ku Nagara, tapiteu kitu kieu, kalah ka api-api teu nyaho.

Meungpeung teugeu harianeun.
Hartina : Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah atawa butuh.

Miceun batok meunang coét.
Hartina : Miceun nu goréng ku karena hayang meunang nu alus, tapi tungtungna meunang nu goréng deui baé.

Miceun beungeut.
Hartina : Ngabalieur, embung padeuleu-deuleu awahing ku ngéwa atawa éra.

Mihapé hayam ka heulang.
Hartina : Mihapekeun duit atawa barang ka jelema anu puguh keur pohara butuhna ku duit atawa ku barang. Balukarna : duit atawa barang urang téa digasab.

Mindingan beungeut ku saweuy.
Hartina : Ari haté goréng, ngan budi parangi marahmay, perluna pikeun mindingan haté anu goréng tea, maksudna: supaya ulah kaciri.

Mipit teu amit, ngala teu ménta.
Hartina : Maling boga batur.

Miyuni hayam kabiri.
Hartina :. Leutik burih, babari sumerah éléh.. Lalaki nu babari sumerah ka awéwé.

Moal ceurik menta eusi.
Hartina : Keun bae mawa wadah anu gedé ogé, da lain hayang loba dibéréna.

Moal neangan jurig nu teu kadeuleu.
Hartina : Arék nyekel jelema anu aya baé, moal neangan jelema anu euweuh.

Mobok manggih gorowong.
Hartina : Aya Iantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu henteu simpel pihasileunana.

Mobok manggih gorowong.
Hartina : Meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.

Monyet kapalingan jagong.
Hartina : Lalawora dina ngajaga naon baé, anu saenyana mah kudu diraksa hadé-hadé ku urang.

Monyét kapalingan jagong.
Hartina : Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu, tukang ngarah-ngarinah karoroncodan.

Mopo méméh nanggung.
Hartina : Horéam, teu mampu méméh prak.

Mun teu ngakal, moal ngakeul.
Hartina : Mun teu perjuangan moal pinanggih jeung rejeki pibekeleun hirup.

Mun teu ngoprék, moal nyapék.Mun teu ngakal, moal ngakeul.Mun teu ngarah, moal ngarih.
Hartina : Lamun teu digawé, nyiar kipayah, tangtu pisusaheun pikeun hirup, kumaha petana dapat dahar, make jst.

Muncang labuh ka puhu = Kebo mulih pakandangan.
Hartina : Mulang ka lemburna, sabadana mangtaun-taun aya di panyabaan.

Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan.
Hartina : Sabadana ngumbara mangtaun-taun di lembur batur, ayeuna balik kalemah-caina.

Mupugkeun tai kanjut.
Hartina : Ngetrukkeun pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida dipikameumeutna.
close