Kumpulan Paribasa Sunda Anu Di Mimitian Ku Huruf K
Ka bala, ka balé.
Hartina : Bisa nyaluyukeun diri di kawasan mana baé. atawa jeung jelema nu kumaha baé.
Ka cai jadi saleuwi, ka daratjadi salebak.
Hartina : Sauyunan, layeut pisan, kamana-mana ogé babarengan baé.
Ka luhur teu sirungan, ka handap teu akaran.
Hartina : Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah, moal aya kamajuanana, boh ngeunaan pangkatna, boh ngeunaan rejekina.
Kacanir bangban
Hartina: Meunang wiwirang = Kawiwirangan
Kaceluk ka awun-awun, kawentar ka janapria, ka koncara kamancanagara.
Hartina : Kawentar ka mana-mana.
Kaciwit kulit kabawa daging.
Hartina : Kababawa, katurak-tarik kana hiji perkara. Keukeuh milu susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.
Kahieuman bangkong
Hartina : Ku karena mangnyimpenkeun barang batur, nepi kajiga nu beunghar.
Kahieuman bangkong.
Hartina : Ku ayana barang titipan di urang, urang téh nepi ka jiga beunghar katénjona ku batur mah, padahal miskin teu boga naon-naon.
Kai teu kaur ku angin.
Hartina : Unggal jelema awal-ahir tangtu bakal pinanggih jeung kasusahan.
Kajeun kendor ngagémbol, tibatan gancang pincang.
Hartina : Pagawéan urang téh kajeun teuing lila anggeusna, tapi hadé. leu téh leuwih utama ti batan gagancangan migawéna, tapi hasilna goréng.
Kajeun pait tungtung amis, manan bau tungtung pait.
Hartina : Ti batan ahirna matak susah, leuwih hadé dicaritakeun ti heula, naon anu matak pisusaheunana.
Kajeun panas tonggong, asal tiis beuteung.
Hartina : Kajeun teuing capé digawé, asal dapat dahar kalawan cukup.
Kalapa bijil ti cungap.
Hartina : Ngucah-ngacéh rasiah sorangan, anu matak cilaka.
Kandel kulit beungeut.
Hartina :. Taya kaérana, atawa. Saeutik kaérana.
Kandel kulit beungeut.
Hartina : Teu boga kaéra.
Kandel kulit beungeut.
Hartina : Euweuh kaéra.
Karawu kapangku.
Hartina :
. Teu matak kitu kieu, sabab panarimaan geus dapat nutup pangaluaran.
- Susah-payahna jeung pait-peuheurna geus kalakonan, di turunan mah muga-muga ngan kari ngeunahna baé.
Katempuhan buntut maung.
Hartina : Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi urang anu kudu nyanghareupan balukarna.
Katumbukan catur, kadatangan carita.
Hartina : Loba anu embung, sabab ngagedékeun jeung ngagugulukeun panyéréwédan.
Kawas anjing kadempét lincar.
Hartina : Méré parentah ka batur teu kalawan sabar, malah bari ambek-ambekan sagala.
Kawas bangkong katuruban batok.
Hartina : Bodo katotoloyoh, euweuh pisan kanyaho.
Kawas cai dina daun taleus.
Hartina : Ngaléak-Iéak baé béak, teu aya pisan ngarina. Ngeunaan rejeki.
Kawas cucurut kaibunan.
Hartina : Ngeunaan ka jelema anu goréng patut rupana, matak sareukseuk panon anu nénjo.
Kawas hayam keur endogan.
Hartina : Ciling-cingcat baé, teu dapat cicing.
Kawas hayam panyambungan.
Hartina : Tacan nyaho di kalér-kidul, kawantu anyar kénéh aya di éta tempat.
Kawas ka budak rodék hulu.
Hartina : Teu ngupama (ngajénan, ngahargaan) pisan.
Kawas kacang ninggang kajang.
Hartina : Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka awéwé nu keur ngambek bari nyarékan.
Kawas kedok bakal.
Hartina : Rupana goréng kacida.
Kawas lauk asup kana bubu.
Hartina : Gampang asupna kana hiji pagawéan, tapi pohara héséna dina hayang kaluar ninggalkeun éta pagawéan.
Kawas lauk asup kana bubu.
Hartina : Gampang meunangna jeung asupna kana hiji pagawéan, tapi hésé béléké kaluarna jeung ngécagkeunana éta pagawéan.
Kawas leungeun anu palid.
Hartina : Ngopépang leungeunna teu daék cicing1 sakur jalma nu deukeut dirampa atawa di. cekel.
Kawas nanggeuy endog beubeureumna.
Hartina : Nyaah teu aya wates-wangenna. Balukarna : paur baé nu aya téh, bisijelema anu dipikanyaahna téa papanggih jeung kasusahan.
Kawas nu mulangkeun panyiraman.
Hartina : Sok nu lain-lain jeung hésé ngayakeunana anu dipikahayang ku jelema anu téréh maut mah, kahayangna téh sabisa-bisa mah kudu dicumponan baé,sanajan matak ngarépotkeun ka ahlina.
Kawas siraru jadi.
Hartina : Pabaliut ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.
Kawas supa jadi.
Hartina : Gancang pisan jadina jeung ngalobaanana. Upamana : ngeunaan koperasi dina jaman kiwari.
Kawas térong beulah dua.
Hartina : Sarua baé rupana (sakarupa), naha adi jeung lanceuk atawa anak jeung indung-bapa.
Kawas wayang pangsisina.
Hartina : Goréng rupana. Ngeunaan ka jelema.
Kebo mulih pakandangan.
Hartina : Balik ka lembur sorangan sabadana ngumbara di lembur batur.
Kéjo asak, angeun datang.
Hartina : Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangké deui harita kénéh dilaksanakeun.
Kélékjalan.
Hartina : Ngeunaan kawasan anu teu simpel didatanganana, karana tempatna jauh ti jalan gedé.
Kembang mata.
Hartina : Nu dipika asih, boh jalma, boh sato atawa barang.
Keur meujeuhna bilatung dulang.
Hartina : Laleutik kénéh pisan, keur meujeuhna bareuki dahar.
Keur meujeuhna héjo lembok rambay carita.
Hartina : Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.
Keur nuju béntang surem.
Hartina : Keur sué, atawa tiis badan; lamun guna-tani ku hama jeung lamun dagang terus-terusan rugi baé.
Keur tulang tonggong.
Hartina : Keur sasadiaan di ahir, di mana papanggih jeung pangabutuh.
Keur tulang-tonggong.
Hartina : Kakayaan anu matak teteg atawa reugreug kana haté, karana sawaktu-waktu Iamun aya kaperluan penting, dapat dipaké.
Kiceupna sabedug sakali.
Hartina : Pohara lungguhna.
Kiruh ti girang, kiruh ka hilir.
Hartina : Lamun anu di luhurna teu balageur jeung teu balener, nu di handapna oge tangtu milu teu balageur jeung teu balener.
Kokojona.
Hartina : Pangpinterna.
Kokolot begog.
Hartina : Nyanyahoanan.
Kokoro manggih mulud = Puasa manggih lebaran.
Hartina : Anu saumur-umur miskin, tuluy dina hiji waktu pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gedé, sasarina sok pohara kacemekanana, nepi ka siga numangpang-meungpeung.
Kokoro nyenang.
Hartina :
- Teu merenah, teu pantes da lain dina tempatna: ngeunaan barang atawa papakéan.
. Ngeunaan jelema miskin nu nembongkeun kabogana ku karena hayang dipuji.
Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam.
Hartina : Teuing ku miskin.
Kolot sapeuting.
Hartina : Geus meunang umur ari jelemana mah, ngan teuing ku bodo, euweuhkanyaho.
Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang = Lauk burukmilu mijah = Piritan milu endogan.
Hartina : Pipilueun kana hiji kalakuan ku karena kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goréng katénjona.
Kudu dapat ngeureut miceun (ngeureut neundeun).
Hartina : Kudu dapat nyukupkeun rejeki atawa pangala anu saeutik.
Kudu boga pikir kadua leutik.
Hartina : Ulah sabongbrong teuing. kudu aya pikir rangkepan, kudu aya rasa curiga.
Kujang dua pangadékna.
Hartina : Hiji pagawéan anu ngandung dua maksud.
Kulak canggeum.
Hartina : Milik hadé atawa goréng anu geus ditangtukeun ti ajalina kénéh ku Gusti nu Maha Suci.
Kumaha bulé hideungna baé.
Hartina : Kumaha engké baé buktina.
Kumaha kejebur caina, geletuk batuna baé.
Hartina : Kumaha béhna baé. henteu jadi pikiran.
Kunang-kunang nerus bumi.
Hartina : Ramana geus teu jeneng deui. Di putra awal-ahir aya anu jeneng cara ramana.
Kuru cileuh, kentel peujit.
Hartina : Nuju tirakat. napaan awak atawa anak ku ngurangan saré jeung dahar.
Kurung batok
Hartina : Teu resep nyanyabaan, ni'mat cicing di imah baé.
Kurung batok.
Hartina : Ngahékok baé di lembur, carang pisan nyanyabaan: balukarna saeutik pisan pangalamanana jeung kanyahona.