photo lineviral_1.png

Sajak : Lilir - Karya Rachmat M. Sas Karana

ngkah nu rumanggieung da puguh can panceg napak Sajak : Lilir - Karya Rachmat M. Sas Karana

LILIR
Karya Rachmat M. Sas Karana

Harita lain ayeuna
ngésérna waktu mawa robah hiji tangtungan
asalna taya kabisa
mimiti dapat nurutan
sabudeureun nu nurunkeun katrésna
ngahudang rasa kahayang
léngkah nu rumanggieung da puguh can panceg napak
lalaunan dibebenah dihadéan
mimiti kaharti maksudna sora

kahayang mimiti témbong
mun boga niat dipanglon
nyalangkrung témbong cipanon
mun kahayang can kalakon
hamo dapat dibébénjo

rénghap ngaronghéap
ngulisik na lebet manah
ngalilirkeun kanyaah hiji wanoja
na dirina nyangkaruk tur betah
rasa nu teu dapat sirna
ku guludug ku gelap ku caah rongkah

najan kanyeri.kapeurih.kasangsaraan
landung salapan bulan
murilitna kanyeri mangsa rék medal
taya gurat ngendat
sapisan ngalayang kabawa ingkah
ku goakna sora budak.
close