photo lineviral_1.png

Sajak : Lembur Kuring - Rahmawati

Ngajanteng di mumunggang Tanjakan Cibubuh Sajak : Lembur Kuring - Rahmawati

Lembur Kuring
(Rahmawati}

Ngajanteng di mumunggang Tanjakan Cibubuh
aya bagéa séah angin na daun awi
sit uncumg ngelak nyeungceurikan tigerat
manuk hujan mopoeun nyadaan hujan ngageuri

Ngahuleng di tungtung Ieuweung Cibuluh
dipapag sawér kembang mahoni
deudeuh teuing jati nu ngarangrangan

Béh ditu gunung beuki bedegul
kidang tinggal beureumna
tikukur ngari sorana
jalak di tegalan teu bulu-bulu acan
surili dina kiara taya di kieuna

Ucang-ucang dina cukang
Leuwi kuring ngembeng cimata
nyangray watu parentul teu disarimbut
ka marana ari dulur, baraya
poho rumat, hflap riksa

Nikreuh dina jalan satapak leuweung Cibuluh
Weléh teu dapat tepung jeung bacin mata
Deudeuh teuing sono kuring
Ukur dapat lumengis jeroeun dada

Dicutat tina Majalah Manglé, No. 2041
close